Rahmatullah Ading Affandie
Rahmatullah Ading Affandie
Dina ijasah-ijasah tanda tamat sakola, dina bisluit-bisluit kadinesan, titimangsa dilahirkeun téh ditulis 2 Oktober 1928. Tapi sakapeung, dina Kartu Tanda Penduduk (KTP), dicatet 2 Oktober 1929. Sarua ari tempatna mah di Désa Banjarsari, puseur kota kacamatan. Persisna mah di Kampung Cibadak. Ari Banjarsari kabawa ka Kabupaten Ciamis
Teu aya "akta kalahiran" anu bisa dijadikeun cecekelan nu pasti dina titimangsa kalhiran. Sabab harita mah, ngan urang kota nu lumrah nyarieun akta lahir téh. Kitu gé urang kota anu kaasup "priyayi" (pagawé negeri). Atawa basa angeus pisan nyieun sasak beusi Walungan Ciputrahaji. Atawa deui, basa Ir. Sukarno dibuang ka sabrang, jeung sabangsana.
Bapa kuring jenenganana Udintapura, pupus di Tasikmalaya taun 1934, bangunna mah dina yuswa 30 taun. Wani nyebut yuswana sakitu téh diukur tina sasama mantenna anu paranjang yuswana.Minangka apal téh pédah aya potrét anu ku kuring dicitak ulang (diréproduksi). Opatan, Bapa, Mamah, Ki Lanceuk, jeung kuring umur sataun kira-kira. Aya nepi ka ayeuna.
Méh dua taun méméh pupusna, pipirakan. ,a,ah mulih ka bumi ibu-ramana (ka Éyang) ka Bojong Ciamis, ari Bapa nikah deui ka urang Garut. Ka Nyi Radén Téjajumala, biasa disebut Bi Éja atawa Bi Énden.
Mamah (indung kuring) jenenganana Nyi Kulsum Ratnapermana, bibit buit Sindanghéréng , Panjalu. Tilu putra Mamah jeung Bapa téh. Tiluanana lalaki. Nu cikal Hidayat (Adung/Édi) lahir taun 1962, wafat taun 1978. Kuring nu panengah, Affandieu (Ading), jeung nu bungsu Harmaén (Adéng) lahir taun 1932, wafat taun 1990.
Sanggeus Bapa pupus, barudak yatim putra-putra Mamah téh dipencarkeun. Si Cikal dicandak ku Ua Guru anu geus ngalih ti Cibalong ka kota (Tasikmalaya). Si Bungsu angger jeung Mamah di Bojong. Ari kuring dicandak ku Mang Karya (Karyasasmita) ka Sukabumi, basa kabeneran Mang Karya naék pangkat tina guru bantu di Pamalayan, jadi Mantri Guru di Sukaraja, Sukabumi. Istri Mang Karya (Bi Odah) téh, rai Mamah pangalitna. Sasatna ku Mamah dirangkepkeunana ka Mang Karya téh. Di Banjarsari.
Bangunna melang Mamah téh tilu putra dipencarkeun di tilu tempat. Nu matak méméh sataun, ku Mamah ku anjeun kuring dipapagkeun, dicandak deui, dicandak ku Ua Guru, dihijikeun jeung Ki Lanceuk (Adung/Édi).
Di Kaléktoran bumi téh. Harita Ua keur jadi guru bantu di sakola Vervolg Cipedes, di Kota Tasikmalaya beulah Kulon.Dibabarkeun taun 1899 di Sindangbarang, daérah panjalu.
Komentar
Posting Komentar